Powered By Blogger

Selasa, 12 Maret 2019

Terus Melaju Untuk Selangkah Lebih Maju


DONGENG

KUDA NU HADE BUDI
Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi meunang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung di hareup maung nu keur gegerungan tea. 
Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan...! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka silaing mah...! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil maung nu keur gegerungan. 
Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan. 
Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg. 
Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku silaing. Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh. 
Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu. 
Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.

Nasehat kanggo urang :

"Jadi jalma ulah sok nganyenyeri ka batur, jiga sakadang maung, Ulah ogé ngabales kalakuan jahat ku kalakuan jahat deui jiga sakadang munding. Sabab sagala kalakuan pasti aya babalesna, jeung ulah ngan ukur wani kanu lemah wungkul."